Sambutan Panganten Basa Sunda

Bismillaahirrahmaanirrahiim,
Assalamu’alaikumWr.Wb.

Alhamdulillahi rabbil ‘alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin wa’ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli.

Patepang di salaka maya dilajengkeun di buana nyata dua teuteup
ngagedurkeun geter-geter asih janten pasini jangji: seja laki rabi kiwari cunduk di waktu
ninggang di mangsa nitih wanci nu mustari ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng néng (Nami Panganten Istri)  didahupkeun di balé nyungcung
Ayi (Nami Panganten Pameugeut) , Sabada ijab kabul diucap nami (Nami Panganten Istri) anu satadina dibintian ku nami ramana baris robih dituntungan ku nami ayi (Nami Panganten Pameugeut) hartosna ti danget ijab Kabul tanggel waler dunya akherat ngeunaan neng (Nami Panganten Istri) di pasrahkeun ti ramana ka diri : salira
(hajat nikah mémang kariaan tapi makna nikah nungtut pertanggel waleran)
Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:

KAHIJI NGEUNAAN AQIDAH

inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah Laa ilaaha ilalloh
mangkadé dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW. Aqidah sing panceg Istiqomah margi maot mah saha nu terang kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto mangsa mulang ka mantenNa urang teu pinareng husnul khotimah

KADUA IBADAH

mamaos mémang raos kadangunagalindeng cianjuran ngahudang rasa
tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa iwal ti soanten ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ  sareng neng (Nami Panganten Istri)rampak ngagalindengkeun ayat-ayat suci Al Qurân upami di bumi kagungan permadani anu éndah moal aya deui anu leuwih éndah tibatan dua lambar sajadah anu dianggé solat jamaah
kacida nikmat sareng hidmatna mangsa ayi (Nami Panganten Pameugeut) ngucapkeun kecap Waladhdholliin dina tungtung fatihah ditémpas ku kecap
Amiiin tina lambey néng (Nami Panganten Istri) pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin néng (Nami Panganten Istri) dina  du’a demi du’a nu dilafadzkeun ku ayi (Nami Panganten Pameugeut)

KATILU AKHLAQ

Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambutanu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaanAyi (Nami Panganten Pameugeut)آ  di tungtung ditu Néng (Nami Panganten Istri) ditungtung dieukedah silih ayunkeun kedah silih béréan upami silih betot tinangtu rambut bakalan pegat Akhlaq salaki ka nu janten istri Akhlaq istri ka nu janten salaki baris nangtoskeun hirup kumbuhna hiji pernikahan sok sanaos tos laki rabi
mangkadé akhlaq ka ibu rama indung nu ngakandung bapa anu ngayuga kumelendangna urang di alam dunya aranjeunna lantaranana salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang kanyaah sareng kaihklasan anu teu kénging dimomorékeun kapan saur hadits ogé: sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung Upami urang ayeuna tiasa makalangan eta téh hasil lamokot késangna tuang rama dibarung ku du’a demi du’a anu teu kendat reureuh tuang rama tisusut tidungdung ngagedékeun anjeun para putrana sangkan hirup hurip bagja waluya Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi diantara dua kulawargi kulawargi ayi (Nami Panganten Pameugeut) ti Ciamis sareng kulawargi néng (Nami Panganten Istri) ti Kuningan Ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng Néng (Nami Panganten Istri) sing janten cukang lantaran ngantengkeun ieu tatali silaturahmi sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman tiasa langkung lega ambahan nyambuang saalam dunya Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan sing tiasa naritipkeun diri sing tiasa pindah cai pindah tampian

KAOPAT, CITA-CITA

Hirup kumbuh laki rabi ulah ngan saukur diniatan dugi ka pakétrok iteuk tapi kedah dicita-citakeun langkung tebih, nyaéta tiasa riung mungpulungna anak incu kulawarga di sawarga ku kituna prinsip jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina sueneu naraka kedah janten suluk anu janten cita-cita kulawarga upami isuk jaganing géto kagungan putra sangkan janten waladun sholihan mangkadé didik ku kaislaman sareng kasundaan Ayi (Nami Panganten Pameugeut) miwah néng (Nami Panganten Istri) dinten ieu, (kaping bulan taun) sabuana samarcapada nyakséni aya dua pamayang papasangan anu bade ngambah sagara ciptaan Pangéran bébér layar tarik jangkar baarokallohu laka wa baroka alaika wajama bainakuma fii khoir

Tinggalkan komentar